Sabtu, 02 November 2019

Bah Dadeng - Langlayangan Bodas







Maen game, Maen PS, Pareum listrik, Sholat henteu, Skor leungit....
Luhur ngapung ngawang-ngawang, Manteng tarik kababawa anggin, Ngalayang mapakan mega, Langlayangan nu bodas samar katinggal
Ngapung lamunan ngawang-ngawang, manteng hatena ngarasa Aing nu bakal pang-unggulna, game nu rek dipaenkeun angkana bakal waaw ngapakan mega .... geus kacipta, juta-juta aya dina kongkolak mata.

Ana pas prungna.... keur manteng maen game... LISTRIK PAREUM.
Ukur cacap saharita, Pegat tina tali timbana, Ngalayang mapakan mega, Langlayangan nu bodas kapaksa pisah.
Ukur cacap saharita, game can di-save. pareum listrikna. angka skor nu juta-juta, ngalayang ukur monitor nu molotot mata abueun. Skor juta-juta teh gening pisah, teu aya naon-naonna.

Langlayangan bodas pegat talina, Nyangsang muragna duka di mana, Langlayangan bodas pegat talina, Ragana pisah jeung nyawa
Langlayangan bodas lepas kapakan, Nyangsang muragna duka di mana, Langlayangan bodas lepas kapakan, Ragana pisah jeung nyawa
Ku pareum listrik, Game teu bisa diteruskeun... cache file duka kumaha. ku pareum listrik, curuk bareuh skor euweuh.

Ulah langlayangan bae, Anteung diri lain ka gusti,
cik atuh lah.... tong hantem bae maen game.... nepi ka poho waktu sholat. Sholat heula madep ka Gusti... Alloh, Alloh, Alloh Lohor, Alloh Ashar, Alloh Maghrib kadituh.

Ulah langlayangan bae, Anteung raga kaiwal dosa,
Hey.... hey.... ulah maen game bae.... poho sholat sagala.... enya ge skor gede, teu sholat mah moal bisa dipake nebus dosa lamun hayang bebas tina seuneu naraka.

lirikna menang ngopi ti https://www.reinha.com/2019/03/lirik-lagu-langlayangan-bodas-bah-dadeng/

0 Komentar:

Posting Komentar

Berlangganan Posting Komentar [Atom]

<< Beranda