Jumat, 01 November 2019

Bah Dadeng - Kurudung Bodas


Carita hiji istri nu diusir ku maruna…. duka nu anom ieu teh duka nu sepuh.
Hujan hese raatna, Marengan jumerit batinna, Maseuhan peurihna, Geuring nyeri ku panghina

Ceurik teu bisa gancang eureun, jerit batin, pipi ramisak, hate nyeri ku panghina, diusir ku maru.

Hujan tembong orotna, Kamana nyakudu milampah, Kasaha nya nanya, Geusan muntang nyalindung

INNA MA'AL 'USRI YUSRON. lami kalamian mah eureun oge ceurik teh, duka naon nu matak mapalerkeunnana mah.
satengahing jalan…. luak lieuk, rurat reret, nya kamana kudu lumampah, nya kasaha kudu nanya, nya kasaha geusan muntang menta panyalindungan….


Ret kabudak orok nu aya dina aisan, netep seukeut bari belengeh seuri, teu apal kana naon nu ku indung karandapan.

Kurudung Bodas, Niungan pikir nu fitri,
Budak orok na aisan ninggal kurudung indungna nu warna bodas. Indungna nu keur tunggara make bet ngarasa kaubaran.
Ceuk pikirna anu fitri….

Kurudung Bodas, Nganteurkeun hate nu wening
Ret deui ka budakna, Budak orok belengeh seuri…. kacipta mung bisa ngomong: "ema.... eta kuludung cae, bodas walnana".
paneuteup seukeut Budak, ngubaran kapeurih hate indungna, gerestesna….
Ah na.… make bet ngagugulukeun kateu geunah hate.... da baheula ge kuring teh siga budak nu keur diais…. teu boga nanaon.
Wening ati, manah sadrah…. sadaya-daya gusti, caroge nikah deui, kacintana tamplok kanu ngora/sepuh…. dugika mangsa kula dihina bebeakan, beulik, salaki teu bisa ngabela….
padahal pan, abdi teh saha? istrina nu kaopat.
Sadaya-daya gusti…. QUL LAYYUSIBANA ILLA MAA KATABALLOHU LANA.... moal tiba hiji perkara angin tos aya titis tulisna.
Abdi pasrah, ieu musibah tangtosna, ku alatan kaleupatan diri abdi ka Salira Gusti nu maha suci…..
==== i'tikaf weh…. ngadu'a weh….. ditulungan weh…. Alloh ngeretegkeun hate karunya kanu diimah ====
==== ceuk nu ngora/sepuh…. emmmh karuna, itu maru make bet dihina bebeakan, padahal mah sami-sami kaum istrina, bari ngagerestes sorangan, tuluy unggeuk…. bari pok nyarios: …. Akang, si teteh, si eneng, maru abdi, jemput deui uih….. hate kuat, sapertosna mah nuju di Masjid, ngararaoskeun. Wayahna kang jemput, bari carioskeun, hapunten eneng/euceu.====
==== salakina, bari ngenclak cimata, tangah lalaunan, neng…… Tembalna: "muhun mangga jemput".
KU HATE ANU WENING.
Mung wungkul gusti, maparin abdi pitulung
Mung wungkul gusti, maparin abdi hidayah

0 Komentar:

Posting Komentar

Berlangganan Posting Komentar [Atom]

<< Beranda