Jumat, 25 September 2026

Tabligh Maulid 2

Angka hiji dua tilu

Opat lima sareng genep

Ngaji lain neang lucu

Tapi iman sangkan mantep

يا رب صل على محمـد                 يا رب صل عليه وسلم

يا رب بلغه الوسيله                      يا خصه بالفضيلة

Opat perkara nu dina badan

Ngemutan kana aya pangeran

Tarikan nafas sareng kiceupna

Denyut nadina, detak jantungna

====

قُلْ أَرَأَيْتُمْ إِن جَعَلَ اللَّهُ عَلَيْكُمُ اللَّيْلَ سَرْمَدًا إِلَىٰ يَوْمِ الْقِيَامَةِ مَنْ إِلَٰهٌ غَيْرُ اللَّهِ يَأْتِيكُم بِضِيَاءٍ ۖ أَفَلَا تَسْمَعُونَ (71)

 قُلْ أَرَأَيْتُمْ إِن جَعَلَ اللَّهُ عَلَيْكُمُ النَّهَارَ سَرْمَدًا إِلَىٰ يَوْمِ الْقِيَامَةِ مَنْ إِلَٰهٌ غَيْرُ اللَّهِ يَأْتِيكُم بِلَيْلٍ تَسْكُنُونَ فِيهِ ۖ أَفَلَا تُبْصِرُونَ (72) 

وَمِن رَّحْمَتِهِ جَعَلَ لَكُمُ اللَّيْلَ وَالنَّهَارَ لِتَسْكُنُوا فِيهِ وَلِتَبْتَغُوا مِن فَضْلِهِ وَلَعَلَّكُمْ تَشْكُرُونَ  (73)

Al-Qosos: 71, 72, 73

Alloh ngadawuh dina Alquran

Perkawis wengi sinareng siang

Cik sakirana wengi saeneng-eneng, dugika kiamatna jeneng

Saha nu ngadongkapkeun dliya cacaang nu jadi beurang?

Aya pangeran salian Alloh? Naha anjeun teu ngadangu?

 

Cik sakirana siang saeneng-eneng, dugika kiamatna jeneng

Saha nu ngadongkapkeun wengi nu tenang, sareng tiasa senang-senng?

Aya pangeran salian Alloh? Naha anjeun teu ninggal?

Diantawis rohmatna Alloh….

Dijantenkeunnana wengi, siang,

Wengi sepi tenang-tenang, (sili tangkeup dina ranjang)

Siang caang kumelendang, ngeusian kahirupan ku milari pakasaban.

Sangkan urang bisa syukur. Berterima kasih, kana sagala rupi pangasih.

0 Komentar:

Posting Komentar

Berlangganan Posting Komentar [Atom]

<< Beranda